Selasa, 20 September 2011

Intisari Wejangan Pangersa Abah Anom (Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin)

(1) Ulah Ngahina, Nyawad Atawa Nyela
Allah SWT ngadawuh:
"yà ayyuhhal ladzìna àmanù là yaskhor qoumum ming qoumin 'asà ay yakùnù khoirom minhhum wa là nisàum min nisà-in 'asà ay yakunna khoirom minhhunna wa là talmizù angfusakum wa là tanà bazù bil alqòbi bi-sal ìsmul fusùqu ba'dal ìmàni wa mal lam yatub fa-ùla-ika hhumuzhòlimùn".

"Heh jalma-jalma nu ariman, ulah arek ngahina ka batur, lantaran bisa jadi nu dihina teh leuwih alus ti maneh (boh awewe atawa lalaki). Ulah arek silih carekan jeung sasama, ulah ngagentraan ku sebutan anu goreng. Ngaran nu panggoreng-gorengna nyaeta pasek saba'da iman. Sing saha anu embung tobat, eta teh jalma aniaya". (Al-Hujarat 11).

Ulah arek ngahina jeung nyaci, sabab boa teuing alus nu dipikangewa tinimbang nu mikangewa. Boa alus nu dicacad batan nu nyacad. Boa alus nu dihina batan nu ngahina. Pikeun ngabendung eta, piceun rasa: alus urang batur goreng, rasa cukup tukang ibadah, nyangka salah bae ka batur, jeung sok agul. Pikeun nga-erem-na nyaeta bersih ati ikhlas rasa.