Selasa, 20 September 2011

Intisari Wejangan Pangersa Abah Anom (Syekh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin)

(1) Ulah Ngahina, Nyawad Atawa Nyela
Allah SWT ngadawuh:
"yà ayyuhhal ladzìna àmanù là yaskhor qoumum ming qoumin 'asà ay yakùnù khoirom minhhum wa là nisàum min nisà-in 'asà ay yakunna khoirom minhhunna wa là talmizù angfusakum wa là tanà bazù bil alqòbi bi-sal ìsmul fusùqu ba'dal ìmàni wa mal lam yatub fa-ùla-ika hhumuzhòlimùn".

"Heh jalma-jalma nu ariman, ulah arek ngahina ka batur, lantaran bisa jadi nu dihina teh leuwih alus ti maneh (boh awewe atawa lalaki). Ulah arek silih carekan jeung sasama, ulah ngagentraan ku sebutan anu goreng. Ngaran nu panggoreng-gorengna nyaeta pasek saba'da iman. Sing saha anu embung tobat, eta teh jalma aniaya". (Al-Hujarat 11).

Ulah arek ngahina jeung nyaci, sabab boa teuing alus nu dipikangewa tinimbang nu mikangewa. Boa alus nu dicacad batan nu nyacad. Boa alus nu dihina batan nu ngahina. Pikeun ngabendung eta, piceun rasa: alus urang batur goreng, rasa cukup tukang ibadah, nyangka salah bae ka batur, jeung sok agul. Pikeun nga-erem-na nyaeta bersih ati ikhlas rasa.

Poma ulah ngalakukeun ibadah dibarengan ku takabur, ria, ujub jeung puyak-poyok, alatan ibadahna bisa teu jadi. Mun mah dihina, wayahna kudu sabar. Kusababiyahna sabarna eta, sugan we nu ngahina bisa eling deui. Mun mah kakara dipoyok geus ambek, mangka moal aya eureuna.

Mun dihina, pek geura urang teh cicing. Mun dipoyok, pek geura urang teh repeh, tangtu geura aya Perbaikan. Rek kusaha deui atuh dirasakeunana sabar jeung tawekal teh lamun lain ku diri urang sorangan mah.

Tembongkeun sabar jeung antep kana panghina jeung pamoyok batur.
Hasilna tina sabar, nyaeta repeh-rapih mashlahat lahir batin.
Thorekat ieu ulah dipake galideur deui sabab ngarupakeun tugas ti Allah parentah ti Nabi. Mun dipake galideur, tangtu moal aya hasilna.

Nabi SAW ngadawuh:
"Allòhhu robbuna wa robbukum lanà amalunà wa lakum amalukum là hujjata bainanà wa bainakum".
"Allah Pangeran urang sarerea. Amal urang keur urang, amal batur keur batur. Ulah jadi papaseaan di antara urang sarerea".

Omat ulah pacekcokan, eta teh cacad tina amal, matak rungkad amal.

Geura urang nyonto ka Nabi, nalika tabligh di To'if, anjeuna ditalenggoran dugi kabaloboran getih, teras ditawisan ku malaikat supados eta jalma anu nalenggoran teh diancurkeun, ari walerna: "Heh malaikat, lamun eta jalma diancurkeun, kumaha teuing engke anakna? Upama bapana ayeuna embungeun, susuganan atuh incuna daekeun". Tah kitu tabahna Rosululloh SAW.

Jalankeun syareat, thorekat, hakekat jeung ma'rifat, ngarah ngeusi badana, ngeusi nyawana, ngeusi rasanana, jeung ngeusi rasaning rasana. Alat keur ngeusikeunana nyaeta Inget Ka Allah Dzikir Ka Pangeran.

Eusikeun eta dzikir kana tiap-tiap lathifah, tina qolbi, ruhi, sirri, khofi, akhfa, nafsi dugi ka qolab, bulu, kulit, daging, tulang, sumsum, urat jeung getih pinuh ku rasa dzikir.

Eta dzikir moal ngeusi mun tetep balangah.
Ibadahkeun badan kucara ngalaksanakeun fiqih.
Ibadahkeun nyawa kucara ngalaksanakeun tasawuf.
Ibadahkeun rasa kucara ngalaksanakeun tauhid.
Ibadahkeun rasaning rasa kucaraning yaqin sayaqin yaqina.

Teu kasebut yaqin upama can bener-bener percayana, sakapeung percaya, sakapeung cangcaya. Eta teh hartina kosong. Mun keur loba duit percaya sagala meunang Allah, tapi mun keur teu boga duit cangcaya ka Pangeran.

Keur ningkatkeun yaqin, mangka dzikirna kudu sumarambah kana tiap-tiap lathifah ngarah ningkat kana muroqobah.

Isro Mi'roj teh ngandung harti:
Isro: Lumampah Terus Pantang Mundur.
Mi'roj: Naek-naek terus naek.
Hartina Isro Mi'roj teh nyaeta ngalampahkeun ibadah nu teu aya eureuna.

Rek kumaha lumampah dina ibadah anu teu eureun-eureun mun dina dzikir ge sok dipake ngalamun, kulantaran kitu kudu:
"ud khulù fìs silmi kàffah".
"Asup kana islam sagemblengna". (Al-Baqoroh 208).

nyaeta rasa sumerah ka Pangeran, nyanggakeun ka Pangeran, nyerahkeun ka Pangeran.
Amal urang gumantung kana penyerahanana:
"inna sholàti wa nusukì wa mahyàya wa mamàti lillàhi robbil 'àlamìn".
"Saestuna sholat abdi, ibadah abdi, hirup abdi, maot abdi masrahkeun ka Gusti Pangeran sakabeh alam".(Du'a Iftitah).

Pentingna dzikir sing dugi ka aya sorana, ngarah timbul resep. Geuning dawuhan Nabi SAW:
"Alàmatu hubbillàhhi hubbu dzikrillahh".
"Cirina resep ka Allah teh nyeta resep dzikir ka Allah".

Naha nu sok dzikir tos timbul resepna? Mun mah samenit resep sajam teu resep mah can kasebut resep. Kakara ge narik dzikir 3 ka 4-na tos Sayyiduna mah can kaasup resep, lain tara dzikir tapi can resep kana dzikir.

Rasa resep bisa timbul alatan ditumanan. Ari tos resep mah sok ngancik ma'rifat, nyaeta nyerah kabeh ka Pangeran, boh dina keur ibadah, cacak-cacak dina keur dahar-nginum ge atawa keur naon bae teu weleh raga katut nyawa dipasrahkeun ka Pangeran.

Nu ngarana pasrah teh lain badan mendekong hate nukang.
Prak pigawe Thorekat Qodiriyah Naqsyabandiyah ieu teh kalawan enya-enya sanajan ngan kakara rubuh-rubuh gedang ge syareat mah urang pake, sanajan ngan ukur maca-maca bae mah thorekat dijalankeun, sangkan eta syareat jeung thorekatna, badan jeung hatena ngocor kana Lillàhi Ta'àla.

Jalma anu Lillàhi ta'ala teh nyaeta jalma anu salawasna hatena eling dzikir ka Gusti Alah, sakumaha dawuhan Nabi SAW:
"dzikrul khofi afdholu ming dzikril jahri sabi'ina du'fan".
"Dzikir khofi leuwih utama tibatan dzikir jahar, 70 tikeleun alusna". (HR.Baihaqi).

Dawuhanana deui:
"là tasma'ul hafadho".
"Teu kadangueun ku Malaikat Hafadho".

Teu kadangu, teu katulis jeung teu kacatet, anging Allah anu ngadangu, anu nulis jeung anu nyatet amal anu lali tina dzikir khofi, mangka Allah ngadawuh:
"Euweuh gening lillahi-na teh? Euweuh gening ka Aing mah?".

Kapan upama kitu teh dibalikeun deui amal urang teh, malah ditenggorkeun kana beungeutna nu boga amal, sabab pinuh ku ria, ujub jeung takabur. Pikeun jalma nu geus diasupan dzikir khofi kudu "idzabtuliya shobaro wa idza u'thiya syakaro".

"Di mana datang musibah kudu sabar, di mana datang bungah kudu syukuran".
Mun datang musibah, harita keneh kudu karasa yen musibah teh ti Allah, teu kudu ditalengteng deui. Kadongdora atuh mun kapanggihna geus 8 poe atawa saba'dana nyiksa anak jeung pamajikan, bari teu pira musibahna, pedah pare ku beurit.

Mun datang bungah, harita keneh syukuran ka Allah.
Mun geus ajeg dzikir khofina mah, datang musibah sabar, datang bungah syukur, sabab geus ngarasa yen awak sorangan ge loba salahna.

Kaunggel dina hadits qudsi:
"Sing saha nu teu pasrah sumerah kana papasten ti Kami, sing saha nu rek teu sabar kana sagala balai ti Kami, sing saha nu teu syukur tumarima kana anugrah ti Kami, pek bijil ti kolong langit Kami, pek neangan deui Pangeran lain ti Kami".

Sakitu sangetna bendu Allah teh alatan teu tepung rasa urang kana rasa lillah, margi Allah tos ngadawuh dina hadits qudsi:
"Kami teh ingetkeuneun manusa, rasakeuneun manusa, manusa ge rasa ti Kami. Pek rasakeun sagala ge, da kabeh ge beunang Allah".

Dibere kieu lain, dibere kitu lain, atuh mun kitu mah hayang lain.

Pikeun miceun musibat, pek ancikeun dzikir khofi sina sumarambah kana tulang nepi kana sumsum, ameh salawasna asa kaintip terus ku Allah, tah eta anu disebut muroqobah teh.

Eta dzikir pigawe enya-enya pikeun ngeusian rasa, ulah dugi karewong ku sagala aturan. Mun manggih kanyeri atawa kasusah, anggap bae lalab rumbah, sambara ti Allah pikeun ngalatih diri urang.

Inti Sari Wejangan Pangersa Abah, Sya'ban 1393 H.

(2) Tawekal dina ujian
Manusa meunang bagja teh kudu ngalaman heula musibah. Dina nalika nandangan musibah, kudu loba ngucapkeun :
"là ilàhha illa angta subhànaka innì kungtu minadzh dzhòlimìn".

"Teu aya deui Pangeran anging Salira Gusti, Maha Suci Gusti, saestuna jisim abdi kalebet ti golongan anu zalim",sakumaha ngajeritna Nabi Yunus as nalika kenging musibah diteureuy ku lauk Nun, bari ngarumasakeun diri pinuh ku dosa,kucara nginget-nginget dosa anu tos dipilampah (wukuf zamani).

Dina praktekna, karumasaan teh ulah ngan sakadar dina tungtung letah, rumasa salah tapi teu daek ised tina salah,tetep cicing bae teu daek pindah tina salahna,eta teh munapek,zalim kana diri sorangan.

Anu sabenerna kudu diitung dina diri teh ngan wungkul dosa, lain kahadean,sabab kahadean mah geus jadi kawajiban anu kudu dilaksanakeun, sakumaha itung-itungan Nabi Adam as kana dirina:

"robbanà dzholamnà angfusanà wa illam taghfir lanà wa tarhamnà lanakù nanna minal khòsirìn".

"Nun Gusti Pangeran Abdi,abdi teh tos zalim kana diri abdi,mun mah gusti teu ngahapunten ka abdi sareng teu karunya ka abdi,tangtu jisim abdi kagolong jalma anu rugi".

Kalobaanana urang teu ngarasa dosa mun dina ibadah hate ngaler ngidul teu khusyu nyanghareup ka Pangeran, padahal eta teh dosa,jadi ulah bangga mun urang geus bisa ibadah teh,tapi kudu dirumasakeun dina nalika urang ngalaksanakeun ibadah teh acan bener. Tapi sanajan rumasa ibadah acan bener, ulah eureun ibadah,malah kudu tambah soson2 dina ngalaksanakeunana, seperti Kangjeng Nabi SAW dina nalika isro,tetep lempang lumampah ibadah ka Pangeran sanajan setan ngahalangan ti hareup jeung ti kenca katuhuna,tetep bae jalan teu eureun alatan halangan. Kulantaran kitu ulah eureun dina ibadah mun loba halangan,jeung ulah nurut kanu ngahalangan sarta ulah ngahajakeun neangan layan anu matak ngahalangan dina lumampah ibadah ka Pangeran.

Jadikeun peuting teh alat keur isro, lumampah ka Pangeran,sabab bisana urang lumampah ka Pangeran teh alatan kuayana jempling pikiran. Kulantaran kitu pikiran ulah dipake rungsing,sabab bisa ngahalangan kana ibadah. Pake pikiran teh ku ngalobakeun istighfar ku cara dzikir jeung khotaman

Dawuhan Nabi SAW:
"dzikrullòhhi hishnum minasy syaithòni wa baro-atum minan nifàqi".
"Dzikir teh benteng tina setan sarta alat keur ngabebaskeun diri tina sifat munapek"

jadi dzikir teh alat keur nyingkahan gogoda, ngan urangna we sok talangke,nganggap sepi kana dzikir,puguh keur aya gawe dzikir teh ngan tarik 3,cacak keur nyalse ge teu ieuh dilakonan deui,ngeunah bae teu asa boga dosa.

Dawuhan Nabi SAW:

"mang qòla là ilàhha illallòhhu wa madda hhà bit ta'zhìmi hhudimat lahhù arba'atun àlàfi dzambim minal kabà-iri".
"Saha jalma anu ngucapkeun la ilaha illalloh bari dipanjangkeun kalawan ngagungkeun Allah mangka dilebur ku sababiyahna eta kalimah 4 rebu dosa gede".

Ku ngucapkeun sakali eta teh bari ngeusi, lebur 4 rebu dosa gede,komo mun berkali-kali dihampura dosa dirina, kulawargana jeung tatanggana.

Kulantaran kitu ulah saruana lamun tatanggana nyalahkeun,ulah milu nyalahkeun.Mun aya nu moyok,ulah milu moyok,kapan geus sidqoh mere pangampura Allah ka maranehna ku ngucapkeun la ilaha illallah.

Jadi mun datang musibah lobakeun maca istighfarna Kangjeng Nabi Yunus as tea bari rumasa dosa kucara wukuf zamani, sarta mun datang nikmat geuwat syukuran,supaya mingkin ditambah-tambah eta nikmat nyaeta ku dzikir la ilaha illallah anu ngeusi.

Anu dimaksud ngeusi teh nyaeta dina hate teu aya anu lian,anging inget dzikir khofi anu teu kaselang ku inget anu liana.

Dina narik dzikir, mun sorana ngentrung siga lodong nu kosong, mangka jelas dzikirna kosong. Tapi mun ngabep-bep siga lodong nu ngeusi,mangka jelas dzikirna ngeusi. Dzikir teh ulah sakadaek asal dzikir,tapi kudu ditingkatkeun nepi kana khusyu,tegesna ngeusi.

Di mana keur berjamaah,sorana kudu rempeg,ampeg,ulah patarik-tarik, patonjol-tonjol melaan najongan sora batur. Matak ngagokan eta teh. Heug sing sarua,sanada, saimbang,beuki lila ancadna beuki gancang bari tetep nu diarah teh jero ingetan kana dzikir khofi nu aya dina hate,tembuskeun dzikir teh tina ucap kana ati, tina ati kana rasa,tina rasa kana mesra,tina mesra kana cinta,tina cinta kana sadrah pasrah sumerah diri ka Pangeran.

Mangka mun dzikirna seperti kitu,di luar sorana ngabep-bep,agem, di jero dzikir khofi ngeusi dina hate,syetan nu di luar nu teterejel hayang asup,sarta nafsu nu dijero totorojol hayang kaluar,tangtu kahalangan ku dzikir ti luar jeung ti jero, anu hasilna dzikirna jadi benteng jeung ngalebur tina munapek,matak ulah siga bebegig nu aya di sawah mun dzikir teh,dipake nyatu jeung modol ku manuk.

Dicutat tina Tausiyah Pangersa Abah dina manaqib Suryalaya 4 Juli 1990 M/11 Rayagung 1410 H. Sumber : https://www.facebook.com/groups/264700313556191/

3 komentar:

  1. manawi hoyong, abdi gaduh kumpulan ceramah pangersa abah anom, lengkap ... aya 20 buah, judulna, 20 wejangan abah anom... mangga ah 085759990038

    BalasHapus
    Balasan
    1. Assalamualaikum, Wr. Wb

      Manawi teu ka abotan, abdi nyuhunkeun kumpulan ceramah pangersa Abah.

      Jazakumulloh..

      Hapus
    2. Manwi pangersa..andi nyuhunkeun..
      Jzakumullah

      Hapus